Selasa, 04 Februari 2014

*** Cara Sobeks Ngarayakeun Muludan?

NGADANGUKEUN CERAMAH DI MASJID

MULUDAN mangrupi kecap serepan ti bahasa Arab nyaeta maulid nu hartosna poe lahir, Sob. muludan oge biasana dirayakeun pikeun ngingetan kana poe lahirna kanjeng Nabi Muhammad Saw, saha nu apal kaping sabaraha Nabi Muhammad SAW dibabarkeun? Leres pisan, kaping 12 Robiul Awal.
Tiap jalmi pasti ngagaduhan cara masing-masing kanggo ngarayakeun muludan. Tah upami Sobeks ngalakukeun naon bae kanggo ngarayakeun muludan? Naon maknana muludan kanggo Sobeks? Kieu atuh, ayeuna Tim Ekspresi Cianjur Ekspres tos ngagaduhan cara ngarayakeun muludan ti rerencangan Sobeks. Hmm hoyong apal teu, Sob? Tah ieu di
handap carana…
Kahiji, cara ti Hari Suherman murid kelas XII IPA SMA Al Azhary Cianjur. Pameget anu ngaku sieun kana oray ieu ngutarakeun cara anjeunna pikeun ngarayakeun muludan, nyaeta mangkat ka masjid kanggo ngadangukeun ceramah ti Ustad. “Kanggo ngarayakeun muludan, abdi sareng
kulawargi biasana angkat ka masjid di lembur pikeun ngadangukeun ceramah anu mangfaat ti Ustad,” ungkebna ka Tim Ekspresi Cianjur Ekspres, sababara waktos kaliwat.
Teu eta wungkul Sob, Rumaja anu lahir di Cianjur, kaping 16 Juli 1995 oge nambihan makna muludan kanggo anjeunna. Hmm naonnya, Sob? “Makna muludan kanggo abdi nyaeta, ngingetkeun ka urang yen sanes kaping babarna Kanjeng Nabi wungkul, nanging ngalakonan sagala
suri tauladan anu parantos Kanjeng Nabi Muhammad Saw contokeun ka sakabeh umatna,” jelasna.
Cara kadua dongkap ti Lisna Rahmawati, murid kelas X Teknik Komputer Jaringan (TKJ) 1 SMK Al Hasyimiah. Anjeunna ngungkabkeun cara ngarayakeun muludan anu
sok dilakukeun ku kulawargina, Sob. “Tiap dongkap sasih muludan, abdi sareng kulawargi sok ngarumpul di masjid kanggo ngadangukeun ceramah ngeunaan sajarah babarna Kanjeng Nabi Muhammad Saw,” tegesna.
Wanoja anu dalit disebat Lisna ieu nambihan, upami nuju muludan kirang lengkep umpamana teu ngadamel tumpeng kanggo dibagikeun ka tatanggi anu caket. “Iwal ti ngadangukeun ceramah, abdi
sakulawargi oge sok numpeng kanggo dibagikeun ka tatangga anu caket, tujuanna supados meunang kaberkahan ti Gusti Allah anu maha Agung,” paparna.
Benten deui cara anu dilakukeun ku Rima Melati, murid kelas X Tata Niaga (TN) 2 SMKN
1 Cipanas. Istri anu lahir di Cianjur, 5 Mei 1997 ieu ngungkabkeun upami muludan sok ngaliwet sareng rencang sapangaosan. “Kanggo ngarayakeun muludan, abdi mah sok ngaliwet di pangaosan sareng rerencangan da, hehe,” cariosna.
Rima oge ngajentrekeun yen muludan teh ngagaduhan
makna anu sae pisan kanggo urang sarerea. “Makna muludan sae pisan kanggo urang, iwal ti ngingetan kaping lahirna Kanjeng Rosul, tapi urang oge janten apal kana sajarah kahirupanna ti mimiti babar ka alam dunya dugi ka tilar dunya Kanjeng Rosul,” pungkesna(hadad/smaalazharycianjur)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar