Selasa, 04 Februari 2014

*** Tatarucingan

Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat? (Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
Ti peuting asak ti beurang atah? (Lampu bohlam)
Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud? (Obat nyamuk)
Sukuna hiji, panonna tilu? (Lampu setopan)
Ka handap muka ka luhur nutup? (Seleting)
Maju eleh, mundur meunang? (Nu keur lomba tarik tambang)
Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)

Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar